Thursday 17 May 2012

Masangkeun Aksara Sunda Otomatis


Bingung kumaha cara nga-download jeung masangkeun font aksara Sunda? Pasangkeun otomatis ku Installer Aksara Sunda!

carangka_64.png


Font (aksara) Sunda bisa diundeur dina wangun koropak (file) asalna nyaeta TTF bisa oge dina wangun koropak aplikasi EXE.

Anu ngabedakeuna nyaeta pelebah masangkeuna kana komputer. File aksara Sunda dina wangun TTF kudu sacara manual diperenahkeun kana map aksara sistem komputer anjeun, di-copy-paste-keun kana direktori windows (biasana mah di
c:/windows/fonts/
).

Ari file aksara Sunda dina wangun EXE mah nu bakal mangmasangkeun file aksara Sunda sacara otomatis kana sistem komputer anjeun.

Dina wangun .EXE mah, Font aksara Sunda teh dibeundeul (dipadetkeun, dikompresi) sarta diseselan installer atawa pamasang program (NSIS), kode program nu bakal ngadeteksi sistem operasi komputer jeung galur (path) map (direktori) aksara sistem komputer anjeun.

aksara_pilih.png
milih basa
aksara_map
milih galur (path)
aksara_rengse.png
proses instalasi - rengse

Aplikasi basajan pamasang aksara Sunda nu diropea ku sim kuring ieu ngarojong sistem operasi Windows XP, Vista, jeung Windows 7, dina tilu basa interface nyaeta basa Sunda, Indonesia jeung basa Inggris.

Wilujeng ngundeur (font) aksara Sunda...
SundaneseUnicode_1.0.5
.exe (65,8 KB)
.exe.7z (53,4 KB)
sundaneseLatin-01
.exe (62,8 KB)
.exe.7z (50,3 KB)


Emoticon Emoticon